Selamat Datang Di Berita Kampung Pasarkolot di situs Web My Ano Karno Selamat Membaca pasang pasang pasang pasang

Minggu, 01 Desember 2013



LAPORAN HASIL WAWANCARA
PANCEN BASA SUNDA
(Diajukeun supados ngamenuhi tugas tina pelajaran basa sunda)
Asal-usul kampung Pasarkolot












                                                                            







 







                                                             


Dipidamel ku,   
ANO KARNO
Kelas    : XI-IPS 1


SMA NEGRI 7 TASIKMALAYA
jln.Air Tanjung No.25 Tlp.(0265)321564
KAWALU TASIKMALAYA






PANGANTEUR

        Sagala puji ka sanggakeun ka hadirat Gusti Alloh anu mureg alam. Kalayan rohmat sareng karuniana, sim abdi parantos ngalaksanakeun salasa hiji tugas Basa Sunda nyaeta ngawawancara tokoh anu uninga kana sajarahna kampung pasarkolot.
Teu hilap ka Bapak Ahmad saripudin,S.pd. Anu salaku guru pangajar, sim abdi ngaaturkeun nuhun, kalayan parantos ngbimbing sim abdi sareng rerencangan, dugika sim abdi rumaos makalah ieu teu leubih tina kasampurnaan. Kumargikitu sim abdi nyuhunkeun kritikan sareng saranna, kango kasampurnaan ieu makalah








Panyusun,












BAB I
BUBUKA
Latar belakang
        Wawancara nyaeta dialog antara dua pihak, anu kahiji neangan informasi, sedengkeun anu kadua mere informasi. Anu neanga informasi disebutna pewawancara jeung anu mere informasi disbutna narasumber , anu jadi narasumber biasana jalma anu loba pangalaman jeung elmuna luhur.



        Rumusan masalah
        Aya oge rumusan persoalan nyaeta
        Teu terang  tahun sabaraha ngadegna kampung pasarkolot
        Teu terang asal-usulna kampung pasarkolot
        Teu terang kunaon make dingaranan kampun pasarkolot



        Tujuan makalah
         Aya oge tujuan makalah nyaeta
         Hoyong terang tahun sabaraha ngadegna kampun pasarkolot
         Hoyong terang asal-usulna kampung pasarkolot
         Hoyong terang kunaon make dinamian pasarkolot







BAB II
PEMBAHASAN

         Hasil wawancara
         Tema : Asal-usul kampung pasarkolot
         Tempat : Rorompok Ano
          Dinten : Minggu
          Kaping : 23-jan 2011
         Waktos : 03.30 WIB
         Identitas Pewawancara
         Wasta : Ano karno
         Yuswa : 18 tahun
         Kelas : XII IPS 1
         Alamat : Kampung pasarkolot RT 11, RW 04. Desa sukapura, Kecamatan Sukaraja,   Kaupaten      Tasikmalaya.
          Identitas narasumber
           Narasumber : Ibu Ruk-ruk
           Yuswa : 58 tahun
           Propesi : Ibu rmah tangga
           Alamat : Kampung pasarkolot RT 11, RW 04. Desa sukapura, Kecamatan Sukaraja, Kaupaten      Tasikmalaya.


EUSI WAWANCARA

Ano            : Assalamualaikum
Punbiyang : Waalaikumsallam
Ano            : “Ema, punten bade tumaros ngeunaan asal-usulna kampung ieu”.
Punbiyang : Oh...sok mangga,, eh jang Ano kanggo naon kitu?
Ano        : Jang eta ema ,aya tugas ti guru basa sunda kedah ngawawancara tokoh kampung atawa asal-usul tempat.
Punbiyang     : Oh ,,,kitu sok mangga dikawitan atuh Ano  perhatosana”
Ano                : Ma,,,dupi tahun sabaraha ngadegna kampung pasarkolot teh ?
Punbiyang   : Kurang lewih basa abad ke-18 san pas penjajahan Belanda. Nenekmoyang urang datang kadieu.
Ano                : “Oh,,,kitu atos lami atuh nya ma”
Punbiyang     : “Nya da lila, basa  pas jaman penjajahan Belanda eta teh”
Ano                : Teras Kumaha asal-usulna kampung pasarkolot teh ?
Punbiyang   : Pan kieu yeuh pas ..Jaman baheula pas basa jaman penjajahan Belanda, rakyat kudu kerja paksa atawa kerja rodi, nyieun jalan ti Anyer nepika Banyuwangi Jatim. Lila-lila rakyat asa teu ngeunah hate, kusabab tara diburuhan ku urang Belanda, kusabab tara di bayar rakyat narekat kabur ti karajaan Mataram, kalalaburna teu parasti rek kamana wae cnah mah, lilalia nu kabur eta teh nepi ka anu loba pasir. Anu kalaburna teh dua jodo, anu sajodo dianu tempat loba pasir terus anu hiji deui kalaburna ka belah kidul nepika kanagara Cina(samawa)
Anu sajodo di pasir ngarana teh ema kolot jeung bapak kolot ,kusabab kalolot. Ma kolot jeung bapa kolot eta teh boga loba katurunan anu loba, terus katurunan eta teh maruka parusahaan sapertos batik tulis, anyam-anyaman jeung bertani, mata pencaharianna nyaeta berdagang di pasar anu tempatna ngarana patadantra. Jadi intinamah aya pasar jeung ma kolot jeung bapa kolot ,jadi we disebutna Pasarkolot.
Ano           : Oh.......kitu geningan ..terus naha make dinamian kampung pasarkolot?
Pubiyang : Pan basa baretona aya pasar di sisiciulan tempatna dipatadantra, terus aya pendatang we ti karajaa mataam datang ka pasir ngaranateh ma kolot jeung bapa kolot. Jadi we disebutna Pasarkolot nyaeta aya pasar jeung ema kolot jeung bapa kolot.
Ano          : Oh....kitu,,ari basa baretona naon pgaweanna ?
Punbiyang  : Ngabatik tulis sapertos rereng jaksa, rereng sapatu, rereng manis, terus bertani saperti nanam pare,jagong,hui, sampeu, kacang-kacangan trus eta bubuhan teh di jual ka pasar patadantra tea. Anu pentingnamag kana kaagamaan Islam, pendidikan,pemerinthan desa, pokonamah masarakatna kental kana kaagamaan saperti ngayakeun pangaosan jeung pangajian.
Ano   : Haturnuhun atuh ema kana perhatosanna,,,,samoga aya manfaatna nya . Assalamualaikum
Punbiyang ; Waalikumsalam







PANUTUP



           Kacindekan
       Kampung pasarkolot nyaeta kampung anu pendudukna balalageur jeung sejahtera, anu terdiri dari 7 RT jeng 2 RW. Asal-usul kampung paarkolot dimimitian ku kadatangan dua jalmi, kana tempat anu loba pasir/keusik, anu namina teh ema kolot jeung bapa kolot, terus ema kolot jeung bapa kolot muka pasar di patadatra ,jadi we kacetuskeun ngaran lembur teh pasarkolot.


          Saran
  Dina nganyesaikeun makalah ieu saran sim kuring muga-muga ieu makalah aya manfaatna keur urang sadayana, teu hilap sim kuring nyuhunkeun dihapunten sinareng tulisana atawa cariosana dina ngadamel ieu makalah. Urang salau masarakatna kudu bisa ngajaga kabudayan-kabudayan anu aya di kampungna.